Jumat, 01 Februari 2013

BIANTARA BAHASA SUNDA

TAREKAH NGEUNAAN SENI TRADISI 
Assalamua’laikum Wr.wb.
Alhamdulillahi Robbil ‘Alamin, Alhamdulillahi ladzi hadzana li hadza wamakunna linahtadya laula an haddzanallah. Laqad ja’akum rosulullahi min Robbina bil haqi bashiron wanadziro.
Asyhadualla illaha illalloh, waasyhadu anna Muhammadan Rosululloh. Allohumma sholli ala Muhammad wa’ali Muhammad. Amma Badu. Bapa miwah ibu girang pangajen hormateun simkuring, Hadirin anu sami linggih dina ieu pasamoan, Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mang rewu-rewu nikmat ka urang sadayana. Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray dina acara “ Pasanggiri Biantara Basa Sunda Tingkat SMP sa-Kabupaten Sumedang”.
Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Panungtung anu Parantos ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan urang, Nabi Muhammad S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka kulawargana, katut muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal a’lamin. Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat.
Langkung tipayun nepangkeun simkuring wasta pun Dwi Nurini, Siswi kelas 8 SMPN 1 Cimanggung. Alhamdulillah dina danget ieu simkuring tiasa ngiring aub janten patandang dina ieu pasanggiri biantara basa sunda. Maksadna teu aya sanes mung hoyong diajar nyarios dina basa sunda. Dina ieu waktos simkuring bade nyobi medar perkawis “Tarekah Ngeunaan Seni Tradisi” . mugia aya mangfaatna kanggo ngahirup-huripkeun deui ieu seni tradisi anu ayeuna katinggalna meh pareum.
Hirup jeung mekarna kasenian, salawasna luyu jeung kabutuh masyarakatna, tangtu wae dina kamekaranana oge baris kapangaruhan ku kaayaan lingkungan jeung paneka jaman. Lamun urang nyoreang ka tukang, fungsi kasenian dina jaman bihari raket patalina jeung upacara adat. Ari kiwari geus robah jadi pintonan pikeun hiburan. Robahna teh lain dina fungsina wungkul, tapi deuih dina prak-prakan magelarkeunnana.
Hadirin nu ku simkuring di hormat. salaku urang sunda geus jadi kawajiban urang pikeun miara tur ngamumule seni tradisi sunda, ulah nepi ka seni tradisi urang teh diaku ku bangsa deungeun. Contona pakakas Angklung nu kiwari diaku ku malaysia. Ieu kajadian teh ulah kaalaman anu ka dua kalina. Kumargi kitu, hayu urang wangun Jawa Barat teh jadi propinsi anu luhur ajen seni tradisina. Tancebkeun tekad sing pageuh, tembrakeun kalawan jentre, yen urang teh “Nyaah, Bogoh, tur Resep kana seni tradisi Jawa Barat”.
Aya sababaraha tarekah pikeun miara tur ngamumule seni tradisi Sunda, diantarana :
  1. Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta seni tradisi Jawa Barat
  2. Urang sasarengan diajar neuleuman seni tradisi
  3. Buktikeun yen seni tradisi Jawa Barat moal eleh ajenna ku seni tradisi bangsa sejen.
  4. Ngadu’a ka Gusti Alloh sangkan para nonoman sunda dipaparin hidayah kanggo miara, ngamumule tur ngajenan seni tradasina.
Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat. Rupina heunteu panjang anu kapisanggem, harepan urang mugia naon anu di pedar ku simkuring sing aya manfaatna. Seni tradisi Jawa Barat tetep mekar tur nanjeur pikeun ngigeulan paneka jaman.
Sakitu nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah langkung saur bahe carek neda di hapunten.
Boboko eusi kalapa Ninggang kana pileuiteun Abdi bogoh seni sunda Sieun nepi ka leungiteun
Dahar liwet reujeung peda Sambelna-sambel tarasi Mun rumasa urang sunda Piara seni tradisi
Saninten buah saninten Dibawa ka parapatan Hapunten abdi hapunten Bilih aya kalepatan
Billahi Taufik Walhidayah Wasalamu a’laikum wr.wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar